Skip to main content

Khutbah Bahasa Sunda "ikhlas"

Ikhlas (Bahasa Sunda)


Dawuhan Alloh Subhanahu Wa Ta’ala dina surat Al-Bayyinah Ayat 5
وَمَا أُمِرُوا إِلَّا لِيَعْبُدُوا اللَّهَ مُخْلِصِينَ لَهُ الدِّينَ 
“Padahal maranehna teu diparentah, salian ti supaya aribadah ka AlIoh. kalawan ngaikhlaskeun agama karana Mantena….. “
Tegas Alloh Ta’ala marentahkeun ka makhluq-Na supaya dina ibadah ka mantena teh kudu dibarengan ku kaikhlashan. Ikhlash memang gampang keur diucapkeun, da pira ge ukur sababaraha huruf, tapi dina prak-prakan na mah teu sagampang ngucapkeun nana. Kadang-kadang masih loba umat Islam sorangan anu teu faham naon anu disebut ikhlash teh. Aya anu narjamahkeun yen anu disebut ikhlash teh, milampah amal kahadean bari teu dibarengan ku pamrih, teu ngarep-ngarep buruh.
Ngahartikeun ikhlash, mangrupakeun pagawean anu dipilampah kalawan tanpa pamrih, memang teu salah teuing, tapi lamun hiji jalma migawe hiji pagawean tanpa pamrih, teu ngarep-ngarep buruhan tina hasil pagawean nana, tangtu dina ngalaksanakeun eta pagawean bakal ngolembar, kurang na motivasi, teu boga dorongan pikeun migawe eta pagawean kalawan hade. Malahan aya kata-kata hikmah au pantes keur ditafakuran ku urang, nyaeta :”Sing saha migawe hiji pagawean tapi tanpa tujuan, mangka eta pagawean moal aya gunana. Sing saha anu ngarasa boga kasieun tapi teu boga sikep waspada dina hirupna, mangka rasa kasieun eta percumah”
Babasaan tina kalimah hikmah eta, bisa dihartikeun hiji jalma anu migawe hiji pagawean tapi teu boga tujuan, sarua jeung jalma anu pangangguran, pagaweannana tambuh laku teu aya manfaatna, atawa jalma anu sieun disiksa dina naraka tapi manehna teu waspada, teu ati-ati dina milampah dosa, tangtu eta rasa kasieun ku siksa naraka teh, ukur bohong wungkul.
Ku sabab eta, jalma anu ikhlash sabenerna jalma anu ibadah atawa milampah amal kahadean ku sabab ngarasa aya pamrih, ku sabab hayang meunang buruhan. Hartina ibadah jeung amal kahadeannana boga maksud jeung tujuan. Tah persoalannana, naon atuh pamrih, tujuan atawa buruhan anu dipiharep ku jalma anu ibadahna atawa amal kahadeanna anu dibarengan ku kaikhlashan teh ?
Hadirin Rohimakumulloh
Sacara bahasa, Ikhlas hartina bersih tina kotoran jeung ngajadikeun sagala ibadah jeung amal kahadeannana bersih tina kokotor. Sedengkeun sacara istilah, Ikhlas hartina satiap ibadah jeung amal kahadean dilaksanakeun niat miharep ridho Alloh wungkul tanpa dibarengan ku perbuatan musyrik atawa nyarekatkeun Mantena kana perkara naon bae oge.
Ku sabab eta, salaku muslim dina satiap jeung sakabeh amal ibadah jeung amal sosial di masyarakat, salilana diniatan jeung ditujukeun ngan ridho Alloh wungkul, hartina satiap tekad, ucap jeung lampah ngan ukur di fokuskeun, di arahkeun keur ngudag buruhan, ganjaran atawa pamrihna ngan ukur ti Alloh wungkul, lain keur ngudag pamuji batur, lain keur ngarep-ngarep kadudukan, ibadah jeung muamalahna lain keur neangan harta atawa ngudag jabatan.
Saperti zaman kiwari, sakitu lobana jalma anu ngaku muslim, tapi dina ibadah jeung amal na teh ukur ngarep-ngarep buruhan jeung pamuji ti sasama jalma, rea anu da’wah jeung ibadah karana hayang dipilih jadi wakil rakyat, dipilih jadi kepala desa atawa jabatan lainna saperti jadi RW atawa RT wungkul. Upama dadasar ibadah jeung amalna saperti kitu, pamustungan nana sok poho ditemah wadi, sok poho kana tugas jeung kawajiban, sabab lengkah awalna memang teu dibarengan ku kaikhlashan, paniatan awal na ukur hayang kadunyaan wungkul. Matak teu aneh loba pajabat boh di dewan atawa di birokrasi, malah di tingkat RT atawa RW, daek di gawe na teh lamun kaherong, kaciri piuntungeun dunya na heula, sakira na teu nguntungkeun mah, dianggap lain tugas jeung kawajibannana. Sok sanajan geus meunang gajih oge, tapi angger we kudu aya paleuleuwih ti nu lianna deui. Akibatna mahabuna korupsi, manipulasi jeung sajabana ti eta, awal na tina kurang na ikhlash dina sagala amal jeung ibadahna. Lebah dieu Alloh Subahanahu Wa Ta’ala dadawuh :
مَنْ كَانَ يُرِيدُ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا وَزِينَتَهَا نُوَفِّ إِلَيْهِمْ أَعْمَالَهُمْ فِيهَا وَهُمْ فِيهَا لَا يُبْخَسُونَ
أُولَٰئِكَ الَّذِينَ لَيْسَ لَهُمْ فِي الْآخِرَةِ إِلَّا النَّارُ ۖ وَحَبِطَ مَا صَنَعُوا فِيهَا وَبَاطِلٌ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ 
“Sing saha anu mikahayang kahirupan dunya katut hiasannana, ku Kami baris dicumponan, saniskara anu ku maranehna di usahakeun di ieu dunya teh, sarta maranehna moal dirugikeun. Maranehna teh jalma-jalma anu di akheratna henteu meunang naon-naon salian ti naraka, jeung sagala amalna di dunya jadi gugur, sarta mubadir saniskara anu ku maranehna geus diamalkeun” (Q.S. Huud ayat 15 – 16)
Hadirin Rohimakumulloh
Mangrupakeun konsekwensi logis, upama satiap amal jeung ibadah ngarep-ngarep buruh, ganjaran jeung pamuji ti sasama makhluq, mangka nalika di yaumil akhir manehna teu bisa mawa bekel keur nyanghareupan kahirupan di akherat. Kahadean-kahadean anu dilampahkeun nana geus tumpur ludes, dibeakkeun di dunya wungkul, amal jeung ibadah geus dibayar kontan di dunya keneh. Saperti meunangna jabatan, fasilitas-fasilitas, pokona kabehannana buruhan amalna dibeakeun ku kahormatan-kahormatan anu semu, ukur di agung-agung di hareupeun nana wungkul, di angkat jadi pimpinan atawa ketua partey. Meunang piagam penghargaan, ngarasa agul meunang gelar pahlawan, malah teterejel mementa balas jasa ka nagara pedah baheula kolotna geus jadi pahlawan. Pajarkeun manehna geus berjuang demi bangsa jeung nagara, ngarasa aing pang pantesna meunang fasilitas ti nagara jeung pangakuan ti masyarakat.
Sakalina kaliwat teu disebut ngaran na di pasamoan atawa dina hiji acara, benduna teu anggeus ku saminggu, komo lamun teu di bere waktu keur acara sambutan, dirina ngarasa teu dihargaan, nepi ka ngamusuhan ka anu boga acara pedah ku perkara anu sepele saperti kitu. ka jalma model kitu Alloh Ta’ala ngawawadian dina surat al-Furqon 23 :
وَقَدِمْنَا إِلَىٰ مَا عَمِلُوا مِنْ عَمَلٍ فَجَعَلْنَاهُ هَبَاءً مَنْثُورًا
“Jeung Kami mariksa sakabeh amal anu dilampahkeun ku maranehna, tuluy Kami ngajadikeun amal-amalna jadi lebu anu mahabu”
Hadirin Rohimakumulloh 


Dumasar hal eta, penting pikeun urang anu miharep kana kasalametan dunya jeung kabagjaan akherat, pikeun mersihkeun satiap amal jeung ibadah tina kokotor, tina noda jeung buruhan dunya wungkul. Ngalaksanakeun satiap pagawean boh anu sifat na sosial kamasyarakatan atawa keur kapentingan usaha, komo deui dina lebah ibadah mahdoh ka Alloh. Prak teangan buruhna, ganjaran nana, panggihan pamrihna ngan ukur ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala wungkul :
قُلْ إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ 
“Pok tekadkeun :”saestuna solat abdi, ibadah abdi, hirup jeung maot abdi mung karana Alloh anu murbeng ‘alam” (QS. Al-An’am : 162)
Ayat ieu mangrupakeun harti anu sabenerna tina kaikhlashan sagala amal jeung ibadah manusa ka Alloh, dina prak-prakkan nana atawa dina kahirupan bermasyarakatna, jalma anu ikhlash mampu nyumputkeun amal kahadeannana saperti kalolobaan jalma hayang nyumputkeun kagorengan lampahna. Puncakna kaikhlashan mah, aya dina fokus jeung konsentrasi amal jeung ibadahna anu di arahkeun ka Alloh Ta’ala nyalira, hartina rek aya anu muji atawa anu mikangewa, manehna teu paduli. Satiap tekad, ucap jeung lampahna geus ngarasa mangrupakeun kawajiban anu kudu dilaksanakeun ku dirina, manehna teu perlu di puji ku manusa, sabab pujian mah mung kagungan Alloh, upama di kritik atawa dijejeleh pedah goreng pagawean ceuk batur, moal ngarasa pundung komo belik mah. Da yakin anu bisa mere ganjaran, buruhan jeung nganiley kana satiap amal jeung ibadah na ngan ukur Alloh Ta’ala wungkul. Batur mah ukur bisa ngeprokan jeung nyurakan.
Hadirin Rohimakumulloh 


Dina hiji waktos, Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam kasumpingan hiji lalaki bari tumaros ;” Ya Roasululloh ! abdi teh tos satekah polah nyumputkeun sagala amal kahadean abdi supaya teu katembong ku batur, tapi dina hiji waktos mah kahadean abdi teh kapanggih ku batur, abdi ge ngaraos atoh kapanggih kitu teh. Naha abdi masih kenging pahala tina amal anu kapanggih ku batur tadi ? Waleran Nabi Sholallohu ‘Alaihi Wasallam : “maneh bakal meunang pahala tina eta amal kahadean maneh”. Bari teras dadawuh :
LAKA FIHI AJRUS SIRI WA AJRUL ‘ALANIYAH

“Pikeun maneh pahala anu disumputkeun jeung pahala anu diniatkeun”

Comments

Popular posts from this blog

Khutbah Jumat Bahasa Sunda "BULAN SYA'BAN"

BULAN SYA'BAN Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.             Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat.Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat. Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna ...

Khutbah Jumat Bahasa Sunda "Hakekat Puasa"

Hakekat Puasa   السلام عليكم ورحمة الله وبركاته Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus ieu Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadayana kana ngalakonan ibadah saum, Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng pirang-pirang kani’matan, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan karamah anu sampurna. Shalawat miwah salam eta pamugi tetep ka pangsae-saena makhluk buktosna kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna anu marulia. Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jal...