Skip to main content

Khutbah Jumat Bahasa Sunda "BULAN SYA'BAN"

BULAN SYA'BAN

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
            Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat.Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina Al-Qur’an :
إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣ ( Al-Hujurot : 1)
“ Sayaktosna jalmi anu paling mulia di sisi Alloh diantara aranjeun nyaeta jalmi-jalmi anu paling taqwa. Sayaktosna Alloh SWT Maha uninga lagi maha waspada”
وقال أيضًا :
وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يُكَفِّرۡ عَنۡهُ سَيِّ‍َٔاتِهِۦ وَيُعۡظِمۡ لَهُۥٓ أَجۡرًا ٥   (At-Talaq : 5)
“Sing saha jalmina nu tqwa ka Alloh, niscaya Manteunnan nana bakal ngahapus kalepatan nana sreung bakal dilipat gandakeun pahala kange anjeun na”
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Alhamdulillah urang parantos lebet kana sasih Sya'ban, dimana Sya’ban teh  slah sawios bulan anu diapit ku Dua Bulan anu ngagaduhan kaistimewaan sareng kautamaan. nyaeta Rajab sareng Romadlon.
Dina sasih Rajab umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan bersejarah, di mana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. diisra’kan ku Allah SWT. nyaeta diberangkatkeun pada satu malam anu diberkahi di sekelilingnya ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsha, saterasna di Mirajkeun nyaeta diangkat ti Masjidil Aqsho ka langit tujuh dugikeun ka Sidratul Muntaha.
Eta salah sahiji Mu'jizat anu agung anu dipaparinkeun ka Jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Oge Sasih sya’ban teh salah salahsawios sasih anu sami ngagaduhan kaistimewaan, diantawisna ku ayana malam Nisfu Sya'ban, nyaeta malem anu dihampunteun dosana satiap jalma kecuali anu Syirik sareng jalma anu nuju dina kaayaan bertengkar jeung dulurna, dek dulur anu sadarah nyakitu deui dulur anu saiman.
Sareung  dina Sasih iyeu pisan, sasih diangkatna buku laporan amal perbuatan manusa salami sataun, Mung kaseueuran jalmi sok ngalalaikeun kana iyeu sasih, padahal sur Rosul
   ذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ بَيْنَ رَجَبٍ وَرَمَضَانَ
“ Iyeu teh nyaeta hiji sasih  anu dilalaikan ku kaseseeran na jalmi , nyaeta antawis bulan Rajab sinareung Ramadhan”. (HR. An-Nasa'i)
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan  Allah swt maparin hidayah sinareung taofik, oge kasehatan ka urang sadaya sangkan didugikeun ka sasih Romadhon anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….


Comments

Popular posts from this blog

Khutbah Bahasa Sunda "ikhlas"

Ikhlas (Bahasa Sunda) Dawuhan Alloh Subhanahu Wa Ta’ala dina surat Al-Bayyinah Ayat 5 وَمَا أُمِرُوا إِلَّا لِيَعْبُدُوا اللَّهَ مُخْلِصِينَ لَهُ الدِّينَ  “Padahal maranehna teu diparentah, salian ti supaya aribadah ka AlIoh. kalawan ngaikhlaskeun agama karana Mantena….. “ Tegas Alloh Ta’ala marentahkeun ka makhluq-Na supaya dina ibadah ka mantena teh kudu dibarengan ku kaikhlashan. Ikhlash memang gampang keur diucapkeun, da pira ge ukur sababaraha huruf, tapi dina prak-prakan na mah teu sagampang ngucapkeun nana. Kadang-kadang masih loba umat Islam sorangan anu teu faham naon anu disebut ikhlash teh. Aya anu narjamahkeun yen anu disebut ikhlash teh, milampah amal kahadean bari teu dibarengan ku pamrih, teu ngarep-ngarep buruh. Ngahartikeun ikhlash, mangrupakeun pagawean anu dipilampah kalawan tanpa pamrih, memang teu salah teuing, tapi lamun hiji jalma migawe hiji pagawean tanpa pamrih, teu ngarep-ngarep buruhan tina hasil pagawean nana, tangtu dina ngalaksanakeun ...

Khutbah Jumat Bahasa Sunda "Hakekat Puasa"

Hakekat Puasa   السلام عليكم ورحمة الله وبركاته Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus ieu Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadayana kana ngalakonan ibadah saum, Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng pirang-pirang kani’matan, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan karamah anu sampurna. Shalawat miwah salam eta pamugi tetep ka pangsae-saena makhluk buktosna kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna anu marulia. Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jal...