Hakekat
Puasa
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari
sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang
sadayana kana ngalakonan ibadah saum, Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu
aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian
sareng pirang-pirang kani’matan, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya
kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan
karamah anu sampurna. Shalawat miwah salam eta pamugi tetep ka pangsae-saena
makhluk buktosna kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna
anu marulia.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna
kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami
ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal
kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina
sapalih ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah saum, sakumaha anu tos ka unggel
dina Al-Qur’an surat Al-Bakarah ayat 183.
Hai
jalma-jalma anu ariman tos diwajibkeun kaaranjen sadaya kana ngalakonan ibadah
saum sakumaha tos diwajibkeun ka umat-umat sateacana aranjen, supaya aranjen
jadi jalma-jalma anu taqwa.
Alhamdulillah
dina jum’at ieu urang sadaya parantos nincak kana tahapan kadua tina tilu
tahapan sasih ramadlan nyaeta 10 anu awal tahapan rahmat, pamudah-mudahan saum
anu parantos kalangkung diwuwuh ku rahmat Allah swt. 10 anu kadua nyaeta
tahapan magfirah (ampunan) anu kuurang nuju dilakonan sareng tahapan anu katilu
nyaeta tahapan Itqun minanar mudah-mudahan 10 terakhir eta tiasa
kasorang kuurang sadaya.
Mangga
dina tahapan kadua ieu, urang sadayana berlomba-lomba ngengingkeun magfirah
Allah swt. Kujalan ngalakonan amal-amal soleh, sabab dina sasih ramadon teu aya
amal anu mubadir. Hartosna satiap amal anu dilakonan ku jalmi anu puasa bakal
dilipat gandakeun ku Allah swt.
قال النبى : نوم الصائم عبادة وصمته
تسبيح وعمله مضاعف ودعاؤه مستجاب ودنبه مغفور.
كل حسنة بعشر امثالها الى سبعمائة ضعف
الا الصيام فانه لى وانا اجزى به
Diantawis amal
soleh anu kautamianana langkung ageng dina sasih ramadon nyaeta :
1. Ashadakotu
(shadakah)
Sadakoh dina
sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih anu sanesna, kasauran
kanjeng Rasul
اَفْضَلُ الصَّدَقَةِ صَدَقَةٌ فِى رَمَضَانَ
Ari pang
utami-utamina sadakoh nyaeta sodakoh dina sasih ramadon.
Masihan tuangen
kajalmi anu nuju saum bakal ngengingkeun magfirah Allah swt. ngalangkungan para
malaikatna, kasauran kanjeng Rasul :
مَنْ فَطَّرَ صَائِمًا عَلَى طَعَامٍ
اَوْ شَرَابٍ مِنْ حَلاَلٍ صَلَّتْ عَلَيْهِ الْمَلاَئِكَةُ فِى سَاعَاتِ شَهْرِ
رَمَضَانَ وَصَلَّى عَلَيْهِ جِبْرِيْلُ لَيْلَةَ الْقَدْرِ
Saha
wae jalmi anu masihan kajalmi anu saum, tina tuangeun atanapi leueuteun anu
halal, maka para malaikat mangnyuhunkeun pangampunteun kagusti Allah pikeun eta
jalmi dina saat-saat ramadlon (detikna, menitna, atanapi jamna), sareng
malaikat Jibril nyuhunkeun pangampunteun pikeun eta jalmi dina wengian lailatul
qodr. Subhanallah
2. Qiamul
lail nyaeta gugah wengi kanggo ibadah ka Allah swt. pami urang ninggal kana
amal kanjeng Rosullul saw. dina wengi ramadlan, Mantena selalu qiamulail,
bahkan pami 10 wengi terakhir, Mantena sok ngagugahkeun kulawargi sareng
shahabat-shahabatna kanggo ibadah ka Allah swt. jalmi anu ibadah dina wengian
ramadlan dihapunteun tina sadaya dosa-dosa anu tos kalangkung. Rosulullah saw.
ngadawuh :
مَنْ قَامَ رَمَضَانَ اِيْمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ
مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Saha
wae jalmi anu gugah wengi dina sasih ramadlan bari iman sarta ikhlas karena
Allah, maka bakal dihapunteun tina dosa anu tos kalangkung.
3. Qira’atul
Qur’an (maos Al-Qur’an)
Ngaos
Al-Qur’an dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih sanesna
margi Al-Qur’an dilungsurkeuna dina sasih ramadlah, kanjeng Rosul nyeerkeun
maos Al-Qur’an dina sasih ramadlan bahkan malaikat Jibril maoskeun Al-Qur’an
kanggo kanjeng Rasul dina sasih ramadlan, mangga urang sami-sami manfaatkeun
waktos anu luang ieu ku aosan Al-Qur’an, margi Al-Qur’an tiasa nyafaatan kasaha
bae anu maosna, Pidawuh Rosulullah saw. :
اَلصِّيَامُ وَالْقِيَامُ يَشْفَعَانِ
لِلْعَبْدِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَقُوْلُ الصَّوْمُ رَبِّ مَنَعْتُهُ الطَّعَامَ
وَالشَّرَابَ بِالنَّهَارِ. وَيَقُوْلُ الْقُرْآنُ رَبِّ مَنَعْتُهُ النَّوْمَ
بِاللَّيْلِ فَشَفِّعْنَا بِهِ
Saum
sareng gugah wengi eta bakal nyafaatan dua-duana ka hiji hamba dina dintenan
qiamat, saum nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos nyegah kaeta hamba kana
tuang sareng leueut dina waktos siang. Qur’an nyarios : “ duh pangeran abdi,
abdi tos nyegah tidur dina waktos wengi, pamugi gusti mafarin abdi sadaya tiasa
nyafaatan ka anjena”.
4. Al-I’tikaf,
nyaeta : مُلاَزَمَةُ الْمَسْجِدِ لِلْعِبَادَةِ تَقَرُّبًا اِلَى اللهِ
عَزَّوَجَلَّtetepna
calik
dimasjid kanggo ibadah karena arah-arah taqarrub ka Allah swt. terutami dina 10 terakhir
sasih ramadlan margi Rasulullah saw teu liren-liren I’tikap dina 10 terakhir
sasih ramadlan dugi kapupusna
فَقَدِ اعْتَكَفَ صَلَّى اللهُ
عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَزَلْ يَعْتَكِفُ الْعَشْرَ اْلأَوَاخِرَ مِنْ
رَمَضَانَ حَتَّى تَوَفَّاهُ اللهُ تَعَالَى
Nyata
Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantena teu liren-liren dina 10 terakhir sasih
ramadon dugi kapupusna.
5. Al-I’timar
(umrah)
Pidawuh
Rosulullah saw. :
عُمْرَةٌ فِى رَمَضَانَ تَعْدِلُ حِجَّةً مَعِى
Ari umrah dina
sasih Ramadan eta ngabandingan kana haji sarta kaula
Hadirin Sidang
Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana tambih-tambih motivasi
(kasengsrem) dina ngalakonan amal-amal soleh sareng mudah-mudahan Allah swt
maparin kakiatan kaurang sadaya. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
Comments